Saturday, September 27, 2014

Asa Hoyong Ceurik


Titi mangsa ngalengkahan dinten ka dinten,
tata basa nyangcang suanten ka suanten.
Hade kamari awon ayeuna,
karaos endah mangsa kapengker
karaos tunggara nu kapilakon ayeuna.
Pangemut diri burancah mecahkeun
nu kungsi jadi impenan teu laksana.
Henteu ukur nu kapiasih teu patali
nanging oge nu lami janten harepan tacan kacumpon.
Hiji dinten ngaraos asa bagja pisan jadi diri nyalira,
taya cawadeunnana jadi hiji pameget
nu teu pernah ngancik di lingkungan nu awon,
nu netelakeun sikep sareng tingkah laku nu kapigaduh ayeuna insya Allah
di jalan anu sae.
Nanging teu sadaya dinten nu karaos mernah dina manah,
hiji dinten asa tunggara taya padanna.
Hate asa nalangsa sok komo mun inget ka diri na masih nyorangan
aya sababaraha katugenahan nu karaos pisan asa hoyong ceurik.
Kamari basa mimiti panggih jeung manéhna
kamari basa mimiti dayangna rasa
kamari basa kuring mimiti mikacinta
ayeuna kuring geus mimiti
ayeuna hate geus nyangreud pageuh